02 August 2013

Antara Kasusah, Gelas Jeung Situ

Taopik Hidayat_02 August 2013


Saurang guru sufi datang ka salah sahiji muridna,
pedah dina waktu harita kaciri pasemon si murid
bangun nu muyung..

“Kunaon muyung wae,bangun nu sedih jang..?
Laina di bumi ieu loba hal-hal nu ararendah..?
Ka mana inditna pasemon sujud syukur ka Allah
anu biasa..?” Guruna nanya.



“Guru.., abdi teh nuju seueur ruruwet,masalah teu
leungit-leungit. sesah sanaos maksakeun di berag -
berag oge.” tembal si murid.

Guruna ngehkeh gumujeng.
“Jang, nyokot cai sagelas, jeung dua keupeul uyah.
Bawa kadieu. urang omean kasedih,kasusah teh..”

Si murid indit bari bangun lungse,ngalaksanakeun
parentah guruna, teu kungsi lila si murid balik deui
bari mawa gelas jeung uyah sakumaha pamenta
guruna.

” Coba jang asupkeun uyah teh kana gelas
sakeupeul,terus caian.” ceuk Si Guru.
“mun nggeus coba inum caina saeutik we.”

regot we di inum ku si murid.
si murid langsung muringis,sabab nginum cai anu
kacida pangsetna.

“kumaha rasana..?” tanya Si Guru.

“pangset, jeung asa murel kieu patuangan Guru,”
tembal si murid,bari anger pasemona pupuringisan.

Si Guru ngehkeh deui ninggali pasemon muridna.
“Ayeuna tuturkeun Abah..” Si Guru mawa muridna
ka situ nu aya salebakeun pondokna.

“coba uyah sesa tadi nu sakeupeul deui awurkeun
kabeh ka situ.”

Si murid terus ngawurkeun uyah ka situ,bari anger
pupuringisan.
Rasa pangset na letahna can oge
leungit.hayang nyiduh, tapi teu wani. teu sopan
ngaludah di hareupeun mursyid, kitu pikirna.

“ayeuna, coba inum tah cai situ,”
ceuk Si Guru bari mawa batu rada demprak keur
tempat diuk.

Si murid nyiuk cai situ ku dua leungeuna, terus di
inum.
Karasa cai situ teh meni tiis jeung seger,karasa
nikmat dina tikoro.

Si Guru terus nanya,”kumaha rasana..?”

“Seger,seger pisan Guru” ceuk si murid bari ngelap
biwirna.

Tangtu we, eta situ asalna ti sirah cai nu aya di
tonggoh. jeung caina ngalir ngajadi solokan leutik
ka lebak. jadi tangtu, eta cai situ oge bisa
ngaleungitkeun rasa pangset dina letahna..

“karasa teu rasa uyah nu di awurkeun tadi..?”

“henteu Guru,” ceuk si murid bari nyiuk deui cai
situ,terus di inum deui.

Si Guru ukur imut ninggali tingkah polah muridna.
“Jang,” ceuk Si Guru sanggeus muridna beres
nginum.
“Sagala masalah dina kahirupan urang teu beda
jeung sakeupeul uyah.
teu kurang, teu leuwih. kur sakeupeul uyah.
lobana masalah jeung kasusah nu kudu di lakonan
sapanjang kahirupan hidep,eta geus dikadar ku
Allah, sakamampuh awak hidep. Jumlahna tetep,
sakitu-kituna, moal kurang jeung moal leuwih.
Satiap manusa nu lahir ka bumi,kabeh ge kitu.
euweuh hiji oge manusa, sok sanajan Nabi, nu
bebas tina kasusah jeung masalah.”

Si murid tungkul, ngadangukeun.
“Tapi Jang, rasa `pangset’ tina kasusah nu
kaalaman ku hidep,gumantung kana gede leutikna
‘qalbu’(hate) nu nampungna.
Jadi, supaya teu ngarasa wae susah, eureunan jadi
gelas. Jadikeun qalbu dina jero dada teh, jadi
sagede situ,.”
Kahartos jalu….???

Bagikan Artikel Ke Sosial Media


Artikel Terkait lainya tentang :

0 Comments

Silahkan berkomentar sesuai tema posting di atas. Komentar jorok, spam, atau tidak relevan, akan kami hapus secara permanen.